Tradisi Bulan Mulud di Tatar Sunda
(Neng Sunarti Alamin)
Tradisi mangrupakeun kabiasaan atawa adat istiadat anu geus aya ti jaman baheula anu nepi ka jaman kiwari aya kénéh. Tradisi téh proses ngawariskeun kabiasaan,adat istiadat,norma-norma,kaidah-kaidah,jeung harta banda ti luluhur anu bisa dirobah,ditolak sarta diadumaniskeun dumasar paripolah manusa jaman harita. Tradisi téh kabiasaan anu geus lumrah di masyarakat atawa di hiji wilayah. Wangun tradisi téh bisa pangaweruh,kabiasaan,prakték,jeung sajabana anu diwariskeun sacara turun-tinurun kalawan cara ngalaksanakeunna.
Sunda mangrupakeun hiji suku anu aya di Indonsia anu terkenal ku kaéndahanna,kaunikanna,kasenianna, sarta budaya jeung tradisi anu unik. Tradisi di tatar Sunda réa pisan, salah sahijina tradisi di bulan Mulud. Sabagian wagra Garut boga cara sorangan dina ngarayakeun mulud Nabi nyaeta tradisi "Ngalungsur Pusaka" atawa sok biasa disebut nyiraman parabot. Parabot anu dimaksud saperti keris,kujang,batu ali,jeung sajabana anu dianggap barang titinggal luluhur urang baheula.
Ngalungsur Pusaka dilaksanakeun dina tanggal 14 bulan mulud. Tujuanna nyaeta mupusti budaya urang sanes migusti anu ujungna kana musrik. Menurut kepercayaan mah parabot anu disiraman ada khodamna. Pikeun kana rejeki,kasalametan sarta sabjabana. Anu kudu dijaga sesuai manfaatna masing-masing.
Anapon tata carana nyaeta, ngadoa kanu kawasa sarta tawasul kapara Rasul,jeung kapara Nabi,para wali sarta ka Ratu Kisi Panday Domas anu dipercaya ngademel keris jaman baheula. Saatos ngadoa parabot di kumbah dina cai anu make kembang tujuh warna sarta make jeruk mipis ameh kajaga ngarah henteu karatan.
Tradisi biasa dilakukeun sataun sakali ku sabagian warga anu masih keneh percaya sarta mupusti kana budaya ieu. Urang salaku orang muslim biasana tos tara ngalakukeun tradisi ieu kusabab menurut hukum islam mah budaya ieu ngandung unsur sirik atawa midua pangeran.
Urang sabagai masyarakat jaman kiwari kudu pinter-pinter milah jeung milih tradisi anu dilakukeun anu sesuai jeung saréat agama jeung aturan hukum jaman ayeuna. Tapi urang ogé ulah nepi ka ngahujat ka masyarakat anu masih kénéh percaya kana tradisi ieu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar